Rijki Ramdani. Diberdayakan oleh Blogger.

Rabu, 28 Desember 2011

ELEH TARUNG CADU NGUYUNG

Mun seug nitenan kaayaan ayeuna sarengsena Pemilu Legislatif sababaraha waktu katukang, matak hareugeueun nepika ngabalukarkeun ngondang perhatian sarta kaprihatinan pikeun urang sarerea. Teu rek kitu kumaha, dina unggal waktu aya wae bewara anu di tepikeun boh ngaliwatan media elektronik saperti radio, televisi jeung sajabana sarta teu ka catur dina surat kabar mah unggal medal aya wae nu kabejakeun kajadian-kajadian nu matak aheng, lian ti eta rea jalma anu eleh tarung dina Pemilu Legislatif nandangan kakuciwa anu kacida nepika ngalakukeun pamolah anu araneh kulantaran beubeunangan sorana saeutik pisan nepika eta hasil sora teh teu bisa nyumponan pikeun nempatan korsi legislatif.
Geus tinangtu bakal kacida kuciwana pikeun caleg mah, sarta nu kacida kuciwa oge nyaeta tim suksesna, kulantaran arinyana geus dibekelan waragad nu teu saeutik pikeun biaya operasional nyaeta ngalaksanakeun pancen tur dipercaya pikeun ngumpulkeun sora pamilih. Kulantaran kacida kuciwana tea nepika leungit akal sehatna, salah sahiji conto nu kungsi dibewarakeun di salah sahiji wewengkon aya tim sukses mere panyombo ka hiji masjid dina wangun barang pikeun warga masyarakatna, geus tinangtu bakal kajudi kumaha niat inyana, nya moal salah sangkan warga di eta wewengkon milih caleg nu mere panyombo ngaliwatan tim suksesna tea, tapi dina emprona kulantaran nu marilihna teu luyu jeung harepanana nya di cokot deui eta barang nu geus di bikeun ka hiji masjid teh ku tim suksesna.

0 komentar:

Posting Komentar

Berbagi

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More